Tanbih Ieu
pangeling-ngeling ti Pangersa Guru Almarhum, Syaikh Abdullah Mubarok bin Nur
Muhammad, panglinggihan di Patapan Suryalaya Kajembaran Rahmaniah. Dawuhanana
khusus kangge ka sadaya murid-murid pameget, istri, sepuh, anom, muga-muga sing
ginanjar kawilujengan, masing-masing rahayu sapapanjangna, ulah aya kebengkahan
jeung sadayana. Oge nu jadi Papayung Nagara sina tambih kamulyaananan,
kaagunganana tiasa nagtayungan ka sadaya abdi-abdina, ngauban ka sadaya
rakyatna dipaparin karaharjaan, kajembaran, kani�matan ku Gusti Nu Maha Suci dlohir
bathin. Jeungna sim kuring nu jadi pananyaan Thariqah Qadiriyah Naqsabandiyah,
ngahaturkeun kagegelan wasiat ka sadaya murid-murid poma sing hade-hade dina
sagala laku lampah, ulah aya carekeun Agama jeung Nagara. Eta dua-duanana
kawulaan sapantesna samistina, kudu kitu manusa anu tetep cicing dina kaimanan,
tegesna tiasa ngawujudkeun karumasaan terhadep agama jeung nagara ta�at ka Hadorot Ilahi nu ngabuktikeun
parentah dina agama jeung nagara. Inget sakabeh murid-murid, ulah kabaud ku
pangwujuk napsu, kagendam ku panggoda syetan, sina awas kana jalan anu matak
mengparkeun kana parentah agama jeung nagara sina telik kana diri bisi katarik
ku iblis anu nyelipkeun dina bathin urang sarerea. Anggurmah buktikeun kahadean
sina medal tina kasucian : Kahiji : ka saluhureun ulah nanduk boh saluhureun
harkatna atawa darajatna, boh dina kabogana estu kudu luyu akur jeung
batur-batur. Kadua : ka sasama tegesna ka papantaran urang dina sagala-galana
ulah rek pasea, sabalikna kudu rendah babarengan dina enggoning ngalakukeun
parentah agama jeung nagara, ulah jadi pacogregan pacengkadan, bisi kaasup kana
pangandika :Adzabun alim�, anu hartina jadi pilara salawasna, tidunya nepi ka akherat
(badan payah ati susuah) Katilu : Ka sahandapeun ulah hayang ngahina atawa
nyieun deleka culika, hentau daek ngajenan, sabalikna kudu heman, kalawan
karidloan malar senang rasana gumbira atina, ulah sina ngarasa reuwas jeung
giras, rasa kapapas mamaras, anggur ditungtun dituyun ku nasehatr anu lemah
lembut, nu matak nimbulkeun nurut, bisa napak dina jalan kahadean. Kaopat :
Kanu pakir jeung miskin kudu welas asih someah, tur budi beresih, sarta daek
mere maweh, ngayatakeun hate urang sareh. Geura rasakeun awak urang sorangan
kacida ngerikna ati ari dina kakurangan. Anu matak ulah rek kajongjonan ngeunah
dewek henteu lian, da pakir miskin teh lain kahayangna sorangan, estu kadaring
Pangeran. Tah kitu pigeusaneun manusa anu pinuh karumasaan, sanajan jeung sejen
bangsa, sabab tungal turunan ti Nabi Adam a s. Numutkeun ayat 70 surat Isro anu
pisundaeunana kieu : � Kacida ngamulyakeunana Kami ka turunan Adam, jeung Kami
nyebarkeun sakabeh daratan oge lautan, jeung ngarijkian Kami ka maranehanana,
anu aya di darat jeung lautan, jeung Kami ngutamakeun ka maranehanana, malah
leuwih utama ti mahkluk anu sejenna.� Jadi harti ieu ayat nyaeta akur
jeung batur-batur ulah aya kuciwana, nurutkeun ayat tina surat Almaidah anu
Sundana. �Kudu
silih tulungan jeung batur dina enggoning kahadean jeung katakwaan terhadep
agama jeung nagara, soson-soson ngalampahkeunana, sabalikna ulah silsih
tulungan kana jalan perdosaan jeung permusuhan terhadep parentah agama jeung
nagara.� Ari sebagi agama,
saagamana-saagamana, nurutkeun surat Alkafirun ayat 6: �agama anjeun keur anjeun, agama
kuring keur kuring�, surahna ulah jadi papaseaan � kudu akur jeung batur-batur tapi
ulah campur baur�. Geuning dawuhan sepuh baheula � Sina logor dina liang jarum, ulah
sereg di buana�. Lamun urangna henteu kitu tangtu hanjakal diakhirna. Karana
anu matak tugeunah terhadep badan urang masing-masing eta teh tapak amal
perbuatanana. Dina surat Annahli ayat 112 diuynggelkeun anu kieu : �Gusti Allah geus maparing conto
pirang-pirang tempat, boh kampungna atawa desana atawa nagarana, anu dina eta
tempat nuju aman sentosa, gemah ripah loh jinawi, aki-kari pendudukna (nu
nyicinganana) teu narima kana ni�mat ti Pangeran, maka tuluy bae dina
eta tempat kalaparan, loba kasusah, loba karisi jeung sajabana, kitu teh
samata-mata pagawean maranehanana�. Ku lantaran kitu sakabeh
murid-murid kudu arapik tilik jeung pamilih, dina nyiar jalan kahadean lahir
bathin dunya akherat sangkan ngeunah nyawa betah jasad, ulah jadi kabengkahan
anu disuprih �cageur
bageur�. Teu aya lian pagawean urang sarerea
Thariqah Qadiriyah Naqsabandiyah amalkeun kalawan enya-enya keur ngahontal
sagala kahadean dlohir bathin, keur nyingkahan sagala kagorengan dlohir bathin,
anu ngeunaan ka jasad utama nyawa, anu dirungrung ku pangwujuk napsu, digoda ku
dayana setan. Ieu wasiat kudu dilaksanakaeun ku sadaya murid-murid, supaya jadi
kasalametan dunya rawuh akherat. Patapan4 Suryalaya, 13 Februari 1956 Ieu
Wasiat kahatur ka sadaya akhli-akhli (KH.A Shohibulwafa Tajul Arifin)
RANGGEUYAM MUTIARA Ulah ngewa ka ulama sajaman Ulah nyalahkeun kana pangajaran
batur Ulah mariksa murid batur Ulah medal sila upama kapanah Kudu asih ka jalma
nu mikangewa ka maneh
Dikutip dari : http://www.suryalaya.org/ver2/
tanbih_sunda.html
0 komentar:
Posting Komentar